Dongeng Sunda
Oleh : Yayan Henri Danisukmara
Nya hiburan anu kawentar ngeunaan di hate masyarakat loba nyaeta dongeng enteng nu disiarkeun tina Radio. Nu kakoncara juru dongeng di tatar sunda harita teh, Mang Jaya, mang Eka, pasosore itung itung ngabuburit, nya ibu ibu dibaturan di dapurna, nya para lalaki dibaturan keur ngaso balik ti pagaweanna... waas nyawang ka jaman harita mah. Komo deui pas dina waktu puasa romadon, dongeng pasosore musti ditungguan kusarerea.
Kiwari, aya anu neuleuman deui ka pangabisa dongeng sunda, Mang Ade anu ngakukeun ti Ciater... lain Ciater wewengkon Subang, tapi ieu mah Ciater teh katelahna Ciawi sisi Terminal Ciawigebang kuningan. Milu ka maju na jaman, nya ngadongeng teh lain di Radio wungkul tapi make keun media anu geus ngadunya saantero jagad nyaeta diantarana Yutub, bisa oge di WA jeung sajabana.
Mangga urang rojong saderek urang sadaya Mang Ade, supados mingkin sukses tur nyandakeun jeung medarkeun budaya sunda ka saantero dunya..
Di handap ieu salah sahiji dongeng nu bakal medar di yutub...
Wilujeng ngadangukeun...
Komentar
Posting Komentar